Rabu, 01 April 2015



WORKSHOP BAHASA JEUNG SASTERA DAERAH
Kaping 18 maret 2015 kuring sareng réngréngan Pamass miang ka kota hujan nyaéta kota bogor jang jadi wawakil (delegasi) dina acara nu di kokolakeun ku Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Jawa Barat, wanci isuk-isuk kuring cicing di gedung dekanat fakultas ilmu budaya unpad da janjian, didinya saurna bade angkat bareng sareng  kang Taufik ampera, indit ti jatinangor kira-kira jam 08:00 nepi ka kota bogor jam 12:00. Di jalan kuring ngawangkong weh sareng pupuhu ais pangampih ngawangkong ngaler ngidul nepi ka antukna kuring peureum tiheula tah dina mobil teh kusabab tunduh pisan, geus nepi di bogor kuring di bawa ka tempat pembukaan ieu workshop, rarasaan ti imah pasti urang ngendongna di hotél anu agréng di jatinangor kuring teu mawa nanaon ngan saukur baju, jaket, jeung sikat gigi. Bubuka acara di buka ku wawakil disparbud jawa barat, workshop nu di ayakeun ku prov.jawa barat mun di tinggali ku kuring katingalina can siap pisan.
Wanci kalangkang satatangtung kuring jeung réngréngan nu séjén di bawa asup kana beus nu geus di sewa ku panata calagara rasa bungah kacida bisa ngiluan ieu workshop, sajajalan kuring ninggalian kaayaan kota bogor nu kacida tentremna tapi angger wéh hareudang kabina-bina, kuring nepi di desa sindang barang, wah implengan anu harita sugan téh deuk ka hotél nu ngeunah apék téh kuring di bawa ka kampung adat nu aya keneh di sindang barang. Nepi di patempatan kuring jeung nu laina di sambut ku angklung indung wah kesenian nu geus lila bahkan kuring kerek nyaksian sorangan aya keneh di desa ieu mah, leuit aya wah pokona kampung adat nu luar biasa leuwih resep cicing di kampung adat batan kudu d hotel mah.Nepi di patempatan kuring jeung nu sejenna di titah cicing heula ngumpul di pendopo, kuring dibere nyaho padumukan jang ngendong.
Wanci harieum beungeut sakabeh pamilon dina acara workshop di kumpulkeun di pendopo sabari ngawanohkeun sadaya pemateri, pematerina aya Taufik ampera, Etti Rs, Dian Hendrayana, hawe setiawan, Cecep burdiansyah, iman shaleh sinareng mimin. Tos pada-pada wanoh langsung ka acara pembukaan deui sareng sesepuh kampung adat pasir eurih nu aya di sindang barang. Kalintang reueus pisan pokona mah, komo deui acara saatos pembukaan langsung di pilih abah sareng ambu kanggo janten pupuhu piara basa, alhamdulilah kuring kapilih janten abah. Ngurus jalma 55 anu beda watek jeung asal imahna.
Poe kadua kuring di ajak ngulilingan situs anu aya di daerah sindang barang seueur situs jaman baheula anu kurang di jaga ku masyarakat daerah dinya kacida pisan jiga anu teu kaurus pokona mah, saeunggeus nguliling kuring jeung rengrengan langsung di bere materi ngeunaan cara nyieun essey, cara nyieun carpon, cara nyieun dongeng, cara musikalisasi sajak, nyieun sajak, jadi presenter, jeung teater. Sapoe jeput ti isuk jeder nepi ka peuting jedur kuring jeung rengrengan di jejelan ku elmu pangaweruh anu kacida pentingna maranehna anu ngeusi materi mihareup gede kanu ngiluan ieu workshop jang nyebarkeun elmu nu geus meunang di ajarkeun sahariteun pisan. Kalintang reueus jeung bungah bisa ngiluan ieu workshop nu moal di ajarkeun di kuliahan pangpangna langsung ku para ahlina.
Poe katilu nyaeta poe pamungkas kuring cicing di eta kampung adat sagala hal anu geus di bikeun ku para pemateri teh langsung di praktekeun sakalian pamitan ka warga masyarakat sindang barang kucara magelarkeun hasil workshop nu geus di ajarkeun ku para ahlina. Geus kabeh di pentaskeun terus weh perpisahan wah pokona pangalaman kuring ngiluan workshop moal anggeus ku sapoe dua poe mun di caritakeun mah.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar