Minggu, 18 Juni 2017

MONOLOG SUNDA SULAYA Ku Ayi G. Sasmita

MONOLOG AWÉWÉ
SULAYA
Ku Ayi G. Sasmita


BADA ASAR, SISI JAAN SATAPAK, TANGKAL HANJUANG RADA BADAG, HANDAPEUNANA AYA BALÉ LEUTIK TINA AWI, NU BIASA DIPAKÉ REUREUH JALMA NU NGALIWAT.
SAURANG BUDAK AWÉWÉ NGAGOLÉR DIBAJU SARAGAM SAKOLA SMA, KANTONG SAKOLA NINDIHAN SUKUNA.
ANGIN NGAHILIWIR NGARAGRAKEUN  DAUN GARING LEBAH TARANGNA, BUDAK AWÉWÉ NGULISIK HUDANG, TULUY DIUK DINA BALÉ AWI, PAROMANNA BALUAS JIGA NU NYIDEM RASA SIEUN JEUNG HÉRAN. 
NITÉNAN ÉTA TEMPAT, LAJU NANGTUNG LEUMPANG LALAUNAN NGURILINGAN ÉTA TEMPAT BARI NGARÉRÉTAN KA SABUDEUREUN.
Geus méh saminggu kuring ninggalkeun imah. Ninggalkeun Indung jeung bapa. Ninggalkeun sakola. Ninggalkeun kahirupan anu nyata.
Indit nuturkeun manéhna nu kiwari miang duka ka mana. Manéhna ngan ukur ninggalkeun rurujit dina diri..
Masih karasa kénéh kanyaah nu jadi indung jeung bapa. Masih kadéngé kénéh sora indung ngupahan upama kuring keur sedih nyanghareupan PR sakola nu teu bisa diungkulan ku kuring. Kadéngé kénéh sora bapa méré papatah-papatah ngeunaan kahirupan.
Kanyaah maranéhanana duaan taya babandinganana. Ceuk rarasaan mah hamo bisa digantian ku naon baé ogé.  Indung tunggulna rahayu, bapa tangkalna darajat… (RUMAHUH.) Hemmmm…
NGARÉRÉT KA BEULAH KULON. ÉBRÉH KATINGALI LAYUNG KONÉNG LIR BENANG-BENANG EMAS, NGAGURAT ANTAY ANTAYAN DI LANGIT MAWA LAMUNAN.
MANÉHNA IMUT, LEUMPANG LALAUNAN. LEUNGEUNNA RANGGAH JIGA NU HAYANG NGAHONTAL LAYUNG.
Layung… aya ku éndah anjeun mapaés langit. Kuring hayang jadi anjeun, lantaran anjeun mah tara sulaya kana jangji. Ceuk ema baheula unggal wanci sareupna, pasti anjeun datang ngabagéakeun peuting. Mapagkeun bulan jeung béntang.
NANGTUNG BARI NYAWANG KAJAUHNA
Sareupna.. enya sareupna. Wanci kieu pisan, kurang diuk dina balé handapeun tangkal hanjuang gigireun imah. Diuk dina lahunan ema ngadagoan layung bari ngahariring.

(NGAHALEUANG)
Layung Konéng datang deui
Mawa sono nu kamari
Mapagkeun bulan jeung béntang
Dina simpay kamelang

Layung konéng aya ku éndah
Mapaés lawang peuting
Teuneung taya karingrang
Najan digaléntor mongkléng

Layung konéng saliwatan miang deui
Nyantélkeun jangji pasini moal jalir
Poé isuk pasti mulang deui
Mawa harepan sakur kahayang

NGARUMPUYUK TAYA TANGAN PANGAWASA. PANONNA MIMITI RAMBISAK, NYARITANA DAREUDA.
Éndahna layung jeung halimpuna sora si ema, matak tingtrim kana haté. Kalan-kalan sok nepi ka saré dina lahunan. Upama layung geus miang, kuring ceurik hayang layung sina balik deui. Ema nu ngabeberah. Cenah, “Nyai geulis bageur.. tong salempang. Isukan ogé layung bakal datang deui. Sing percaya ka ema. Layung mah tara jalir kana jangjina…” Enya layung mah tara jalir jangji. Da jeung enyana, poé isukna manéhna datang deui bari mawa rasa kasono kuring poé kamari. Hmmm..  
MURELENG
Heh… naha bet nyeungseurikeun? Naonna nu pikaseurieun? Saha nu gélo? Manéh nganggap aing gélo? Hmhh, kitu tah loba teuing lalajo sinetron manéh mah. Korban acara tipi nu teu uni! Heueuh aing ogé nyaho teu sakabéh acara tipi atawa sinetron goréng. Aya ogé nu alus, ngan lolobana mah acara tipi jaman kiwari mah teu baralég! Loba teuing acara acara Slapsic. Nu cilaka dipupuas, nu sangsara diseungseurikeun! Lalajoaneun teu mararatut. Heueuh ngarti kuring ogé, teu sakabehna salah maranéh! Itu tuh nu kudu dipénta tanggungjawabna mah, nu boga tipi jeung nu boga kawasa. Ulah kéna kena demi kapentingan bisnis, usaha, nepi ka tega ngorbankeun moral umat! Masarakat!!
Meunggeus ah barina ogé nanaonan ngabahas nu kitu. Najan nepi ka huntu muruluk ogé moal aya hasilna. Da nu kawasa mah maranéhanana, urang mah bisa naon atuh?
DIUK NGALUNGSAR. NGAHULENG SAKEDAPAN. TEU SAWATARA LILA MANÉHNA NYARITA DEUI.
Meungeus atuh ulah ngadoja baé. Kuring téh keur bingung, bingung ka mana kudu lumampah. Rék mulang ka lembur, éra jeung sieun inggis nu jadi kolot teu narima. Enya kuring nu salah, kuring nu geus nyieun kasalahan gedé. Padahal kurang kumaha, remen pisan diingetan ku nu jadi kolot, jeung babaturan sorangan.
Ayeuna kakarak karasa. Coba mun harita teu ngagugu nafsu mah, meureun moal kajadian kawas kieu. Kuring bener-bener kabobodo ténjo haripeut ku kanyaah nu ngan ukur pupulasan. Sugan téh enya wé bener manéhna nyaah ka kuring. Tétéla sakabéhna ngan ukur kedok pikeun ngarah kahormatan kuring wungkul. Sanggeus kahayangna kacumponan mah, manéhna ninggalkeun.
NGANGRES
Ayeuna kuring nu kudu nanggung sakabéhna…
LEUMPANG LALAUNAN KA LEBAH BALÉ. GÉK DIUK SATENGAH NGABEUBEUTKEUN MANÉH.
Cinta..?!! Enya ieu balukar tina salah ngahartikeun kecap ‘cinta’. Saéstuna ari cinta lain ngan saukur pasualan bukti. Anu satuluyna daék masrahkeun kahormatan lantaran hayang ngabuktikeun ayana rasa cinta. Padahal cinta nu saenyana kudu bisa silih ajénan kana kahormatan sewang-sewangan. Cinta lain ngan saukur pasoalan pangorbanan anu satuluyna daék ngorbankeun masa depan jeung cita-cita, lumpat tina kanyaah kolot. Wani nyieun hubungan tanpa rido ti nu jadi kolot. Padahal cinta nu abadi cinta nu aya dina ridho indung jeung bapa.
Cinta nu sajati, cinta nu bisa silih ajénan, silih jaga, silih mikanyaah tanpa aya rasa ménta pamulang tarima. Jiga kanyaah indung jeung bapa. Emaaa! Bapaaaa! Hampura kuring, anjeun pasti kuciwa sabab kuring teubisa jadi budak nu diharepkeun ku anjeun.
NYEGRUK CEURIK BARI SASAMBAT KA INDUNG JEUNG BAPA.
Manéhna datang, bari mawa cinta nu karasa éndah. Karasa pisan kanyaahna malah karasa ku kuringmah asa ngéléhkeun kanyaah indung jeung bapa. Sabulan kaliwatan. Taya nu anéh dina hubungan kuring jeung manéhna. Sagala kaéndahan cinta kaalaman taya nu kaliwat.
Harita mah, sagalana karasa bener wé. Remen ngabohongan kolot. Ngakuna sakola padahal ulin bobogohan jeung manéhna. Ménta duit keur jalan-jalan jeung manéhna, ngakuna keur iuran sakola. Malah sakapeung mah remen indit peuting tara bébéja ka kolot. Asa bener wé harita mah.
Dasar enya, sabuni-bunina nyumputkeun bugang, pasti kapanggih baé. Peuting harita kira-kira wanci jam salapan peuting, kuring kaluar ti imah janjian jeung manéhna rek indit ka pasar malem. Kuring luncat tina jandéla kamar. Lantaran rusuh kuring poho nutupkeun deui jandéla.
Kuring indit diboncéngkeun kana motor ku manéhna. Kuring teu boga rasa curiga saeutik-eutik acan, basa harita manéhna méngkolkeun arah ka imah kost manéhna. Naha bet méngkol ka dieu geuning? Manéhna ngajawab cenah aya nu tinggaleun di imah kostna. Kuring nurut wé da teu boga curiga nanaon. Turun tina motor kuring dipaksa asup ka jero kamar kost manéhna. Kuring nolak, da boga rasa kasieun mah, inggis aya nu ningalieun. Bisi jadi fitnah. Tapi percaya kana kaasih manéhna kuring nurut asup ka jero kamar.
Barang sup ka jero, kakarék kuring boga rasa curiga, lantaran manéhna ngoncikeun panto kamar ti jero. Naha bet dikoncikeun pantona? Ceuk kuring bari ngarawel konci nu diasupkeun kana saku calanana. Nyalsé heula di dieu gampang ka pasar malem mah, soré kénéh ieuh cenah bari nangkeup kuring ti tukang. Kuring ngépéskeun leungeunna. Di dinya kuring mimiti curiga manéhna boga niat teu hadé. Kuring nerejel satékah polah hayang ngaleupaskeun tina tangkeupanana? Tapi tanaga manéhna leuwih bedas ti tanaga kuring. Ahirna kuring cicing. Mimiti kadéngé manéhna ngaharéwos… Nyaan anjeun nyaah ka kuring? Kuring unggeuk. Nyaan anjeun cinta ka kuring? Kuring unggeuk. Naon buktina? Kuring ngabetem teu bisa ngajawab. Manéhna nanya deui, naha bet cicing? Mun enya anjeun nyaah, anjeun cinta, sok buktikeun peuting ieu. Sangkan kuring yakin yén anjeun enya-enya cinta jeung nyaah ka kuring.
Kuring baluweng, antara sieun jeung bingung pagalo dina dada. Manéhna ngaleupaskeun tangkeupanana. Laju nungtun kuring didiukeun dina korsi. Manéhna mimiti muka kancing baju kuring hiji-hiji. Kuring pasrah teu bisa kukumaha, lantaran gedéna rasa cinta ka manéhna. Kuring hayang ngabuktikeun. Kuring masrahkeun kahormatan ka manéhna.
NGANGRES, LEUNGEUNNA TIPEPEREKET PAGEUH NGENYAK BAJUNA.
Peuting harita, jadi saksi kuring masrahkeun harta nu pangberhargana ka manéhna lantaran hayang ngabuktikeun yén cinta kuring lain heuheureuyan. Tapi, tapi sagala pangorbanan kuring taya hartina.
NYARITA TEU KEBAT, CEURIK NYEGRUK BARI NYUUH DINA BALÉ AWI.
KAAYAAN JADI SIMPÉ. TEU SAWATARA LILA MANÉHNA CENGKAT NEUTEUP KA JAUHNA BARI NYARITA RADA DAREUDA.

Manéhna nganteurkeun kuring balik. Sapanjang jalan taya kecap nu kaluar ti manéhna. Barang nepi ka hareupeun imah, manéhna ngupahan. Tong salempang, kuring bakal tanggung jawab. Nu penting ayeuna kuring yakin jeung percaya anjeun bener-bener cinta ka kuring. Kituna téh bari rék indit ninggalkeun kuring. Tapi, léngkahna kapegat ku sora si Bapa jeung si Ema norojol ti jero imah. Kuring jeung manéhna digusur asup ka jero. Tétéla geuning si Bapa jeung si ema nyahoeun naon nu geus kajadian peuting harita. Kuring jeung manéhna dicarékan laklak dasar. Malah lanceuk kuring nu hudang kagareuwahkeun ku sora si Bapa, tuluy neunggeulan manéhna nepi ka baloboran getih. Untung kaburu dihalangan ku kuring jeung si ema anu milu nyegruk ceurik.
Peuting éta kénéh, kuring diusir ti imah, lantaran kuring geus dianggap nyieun aib keur kulawarga. Kuring indit nuturkeun manéhna bari mawa rasa kaduhung jeung salah lantaran geus nganyerikeun haté kolot jeung kulawarga. Tapi gedéna harepan jeung rasa cinta ka manéhna saeutik gedéna geus bisa ngabeberah haté nu ancur. Harita taya deui nu jadi harepan kuring iwal manéhna nu dipiharep bisa nangtayungan hirup kuring ka hareupna.
NGARANDEG, NGARÉNGHAP NAHAN AMARAHNA.
Tapi, tétéla kuring salah! Méh saminggu kuring cicing di imah kost manéhna. Tapi kuring asa dianggap tunggul, teu ditalék teu ditakon. Manéhna apilain. Dina hiji peuting kuring ngawani-wanikeun manéh nalék ka manéhna, tapi naon jawabanana? Manéhna sulaya kana jangjina! Manéhna megatkeun hubungan jeung kuring! Kuring diusir! (NYEGRUK CEURIK)
AMBEK NYEDEK TANAGA MIDEK. NEUTEUP JAUH KA HAREUP. DUA DAAMPAL LEUNGEUNNA TIPEPEREKET.
Dasar lalaki laknat! Lalaki iblis! Pengecutttt!!! Sanggeus aing ngorbankeun sagalana, ngorbankeun masa depan, ngorbankeun kulawarga, ngorbankeun sakola, aing dicacampah! Dihinakeun taya ras-rasan. Dasar kadal! Pamulu palsu. Cintana ukur pupulasan. Ukur kedok!
MURELENG BARI TUTUNJUK.
Heh, lalaki! Sakuduna manéh mikanyaah ka awéwé. Ngajénan ka awéwé lantaran indung manéh ogé awéwé. Naha manéh téga? Naon nu karandapan ku aing isuk atawa pagéto karandapan ku lanceuk awéwé manéh, ku adi awéwé manéh! Hahh?!
NYARITA LEULEUY
Awéwé mah mahluk lemah nu kudu diaping dijaring ku lalaki. Kudu dipikanyaah ku lalaki lantaran awéwé teh bagian tina diri lalaki. Diciptakeun tina tulang iga lalaki nu beulah kénca, nu deukeut jeung hate. Nyanghareupan awéwé kudu maké haté ulah maké napsu.
Lalaki kudu bisa ngajaga kahormatan awéwé, lantaran indung manéh ogé awéwé!
Awéwé ogé kudu bisa ngajaga diri. Ngajaga kahormatan. Ulah gampang kairut ku rayuan-rayuan lalaki nu maké kedok cinta.
Sing inget awéwé! Isukan atawa jaga, manéh bakal jadi indung. Naha manéh téga mun jaga anak manéh bakal nanggung sagala kasalahan alatan kalakuan kolotna?
NGAHULENG SAKEUDEUNG.
Cinta? Kuring moal nyalahkeun cinta, lantaran cinta mah teu salah. Cinta mah anugrah lain dosa. Cinta teu bisa dijadikeun alesan. Nu jelas, ku napsu nu dibungkus amisna cinta geus ngarampas kahirupan kuring.
NGANGRES.
Enya, kuring mémang salah. Kuring kaduhung. Tapi lain hartina kuring kudu éléh ku kaayaan. Keun baé sagala kasalahan kuring kamari sing jadi eunteung, sangkan kasalahan teu kapilampah deui!
NGAHULENG SAKEUDEUNG.
Kuring teu meunang katutuluyan nyeungceurikan ieu kaayaan. Lantaran sakabéh nu geus kajadian hamo bisa dibalikan deui. Kuring kudu kuat. Kuring moal éléh. Kuring moal mikeun ieu diri dikawasa ku rasa kaduhung!
Taya gunana kuring terus-terusan kawas kieu. Kaduhung moal bisa malikeun deui kaayaan. Satékah polah memener kasalahan leuwih hadé sangkan kuring bisa ngahadéan sagala kalakuan nu geus kaliwat.
Ayeuna, peuting ieu pisan kuring kudu nyieun putusan. Enya kuring kudu nyieun kaputusan. Duh Gusti! Mugi ieu putusan sing diridoan ku Anjeun, Gusti!
MEURUMKEUN PANONNA. NGARÉNGHAP  BARI TANGGAH, NGATUR NAPASNA. LAJU NYARITA TEUNEUNG.
Kuring rék mulang ka lembur. Mulang ka kulawarga. Ka sakola. Kuring bakal ngamimitian deui hirup anyar. Kuring teu paduli naon baé omongan tatangga ngeunaan ieu kaayaan. Nu penting hampura ti indung jeung bapa nu kudu katarima, sangkan ieu dosa teu manjang nepi ka jaga kabawa ka alam lana.
Siap teu siap kuring kudu siap narima sagala kanyataan nu baris karandapan. Sugan jeung sugan ieu jadi jalan pikeun kuring nobatan dosa-dosa nu geus dipilampah.

CENGKAT, MÉRÉSAN BAJU JEUNG BUUKNA. LAJU NYORÉN KANTONG. NANGTUNG AJEG BARI TANGGAH MEUREUMKEUN PANONNA. NGARÉNGHAP LAJU NGALÉNGKAH TEUNEUNG TAYA KARINGRANG, NINGGALKEUN ÉTA TEMPAT.

Basisir Laut Kaler, Maret 2016


1 komentar: