Minggu, 15 Maret 2015



Miéling Poé Basa Indung Sadunya
21 Februari di tetepkeun ku UNESCO (United Nations Educational, Scientific and Cultural Organization) jadi Poé Indung Sadunia dina kaping 17 Desesmber 1999. Poé Bahasa Indung ogé awalna aya pangakuan internasional dina Hari Gerakan Bahasa anu diayakeun di Bangladesh.
            Unpad ogé ngayakeun hiji kagiatan Miéling Basa Poé Indung di taun 2003, waktos taun kamari Unpad ogé ngayakeun Miéling Poé Basa Indung di Graha Sanusi Harjadinata (GRANUS) anu ngeusi acarana nyaéta Godi Suwarna anu macakeun sajak, aya nu mintonkeun Stand Up Comedy basa sunda ti Mr Jun, sareng réa deui acarana.
Dina taun ayeuna Unpad baris ngayakeun deui Miéling Poé Basa Indung dina kaping 21 Februari 2015 anu dumukna aya di Balé Rumawat, Unpad, Jalan Dapati Ukur 35 Bandung. acara Miéling. Poé Basa Indung anu diayakeun seueur pisan kagiatan-kagiatanna diantawisna aya maca sajak anu asalna di jepang nyaéta Haiku, launching sareng bedah buku Miss Maya/Neng Maya sareng peluncuran Kamus Utama Basa Sunda anu kacana aya 10.000 kaca 6 Jilid.
            Sateu acan dongkap ka tempat acara nu di ayakeun ku pidangan Rumawat mahasiswa Sastra Sunda Unpad orasi heula di handap jembatan cikapayang bandung, mahasiswa sastra sunda unpad anu ngahiji dina himpunan nu boga ngaran Paguyuban Mahasiswa Sastra Sunda (Pamass). Hiji tekad nu di kokolakeun ku pupuhu Pamass kanggo orasi dina miéling basa indung teh sangkan urang sunda ulah éra ngomong maké basa sunda komo deui ngajarkeun basa sunda ka jalma nu lain asli di tatar sunda. Di perempatan cikapayang mahasiswa sastra sunda unpad nyieun warga bandung pikeun nyaah kana basana sabab  leungit basana leungit oge budayana. Kagiatan orasi nu di ayakeun ku Pamass teh maca sajak, ngabagikeun brosur sareng ngélingkeun.
Dina taun ayeuna ogé Unpad sareng Yayasan Kebudayaan Rancagé medalkeun dummy kamus anu eusina 150.000 kecap, 10.000 kaca, sareng 6 jilid kandelna. Dummy kamus ieu di serahkeun langsung ku Rektor Unpad Prof. Ganjar Kurnia, Rektor Unpad anu enggal 2015-2019 Prof. Dr.med. Tri Hanggono Achmad, dr., Pupuhu Yayasan Rancage Rachmat Taufik Hidayat, Guru Besar FISIP Unpad Prof. Dede Mariana, Pupuhu Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS) Yayat Hendayana, sareng perwakilan Sastrawan Sunda, H.M. Usep Romli ka bapak Wakil Gubernur Jawa Barat Bapak.Dedi Mizwar. Katingal dina gambar dihandap:


           
            Kamus utama basa sunda ieu téh ngagaduhan kaca sareng jilid anu seueur kacana,  diantara kamus-kamus bahasa daérah sareng anu sanésna anu atos katingal yén kamus ieu paling seueur kacana, tina jilidnagé aya  sareung kandelna sareng 150.000 kecap anu aya dina kamus éta.
Sanajan ngan saukur dummy dina sambutan Rektor Unpad supaya kamus ieu téh énggal-énggal di cetak sareng di pasihkeun ka instansi-instansi di Daérah Jawa Barat khusna Instansi Pendidikan yén Jawa Barat ogé ngagaduhan kamus utama basa Sunda. Kamus ieu ogé ditampi pisan ku Wakil Gubernur Jawa Barat Dedi Mizwar.
Kang Dedi mizwar kalintang reueus pisan ninggal kagiatan anu di ayakeun ku Unpad. Wakil gubernur anu masih keneh eksis di layar kaca atanapi di televisi anjeuna hoyong pisan ngayakeun kegiatan a nu samodel kieu, ngan lebar wakil gubernur teu ngaggo basa sunda pas ngadeg di payun nyarioskeun kamandangna. Nu dongkap dina ieu acara sanes saukur mahasiswa hungkul nanging seueur pisan seniman sareng budayawan sunda ngumpul ilubiung dina ieu acara katinggalna para seniman sareng budayawan sunda teh kalintang reueus oge tiasa ilubiung di balé rumawat teh.
Acara salajengna ku “Diskusi Buku “’Neng Maya’sareng‘Miss Maya’, Carpon Munggaran nu ditarjamahkeun kana Basa Inggris” ku pemateri Prof. C. W. Watson (nyaéta penerjemah carpon “Neng Maya” kana Bahasa Inggris), Cecep Burdansyah (Redaktur Harian Umum Tribun Jabar), sareng Dr. Hj. Lia Maulia Indrayani, M.Hum., (DosenFIB Unpad), anu dimoderatoran ku Tedi Muhtadin, M.Hum.
Prof Watson ngajelaskeun kasang tukang ngeunaan prosés nerjemahkeuna kana bahasa Inggris anu dimuat di Harian Umum Tribun Jabar. Prof Watson ogé ngamandangkeun yén carpon di Indonesia téh teu ngagambarkeun kaayaan anu di Indonesia jadi.
Teu reueus kumaha ninggal prof watson anu sanes getih sunda tiasa hoyong pisan neuleman kana budaya nusantara, komo deui kana budaya sunda saurna mah ceunah langkung leuwih hese diajar basa sunda tibatan basa indonesia, ngabutuhkeun waktu nu teu sakeudeng sabab basa sunda teh saur anjeuna hese pisan ngabedakeun cara ngomong ka sahandapeun, saluhureun, sareng sapantareun.
Saatos rengsé  acara bedah buku Neng maya langsung di lanjut ku acara “HAIKU” pupuh jepang anu di anggo kusadaya umat manusa. Haiku nyaeta jenis pupuh jepang anu ayeuna keur marak di kalangan para seniman sareng budayawan sunda khususna, anu nuju naek daun sabab haiku teh salah sahiji pupuh nu kudu ngandung harti sareng diksi anu pas.
Abad ka-17 sastra Sunda patarema jeung sastra Jawa: pupuh. Eta karya sastra sampeuran teh dipigandrung ku urang Sunda, utamana ku kalangan menak lantaran patali jeung kabujanggaan nu daek teu daek kudu diajar pupuh jeung madhab sastra ge ngeunteung ka Jawa. Teu aneh lantaran Sunda harita aya dina subordinasi Mataram.

Salian ti sisi politis, pupuh ge dipigandrung patali jeung teknis ditulisna, nu ngandelkeun guru lagu jeung guru wilangan. Nu nulis pupuh jadi dangding jadi guguritan siga nu nimu kaulinan anyar ku cara ngitung-ngitung ramo jeung nyaluyukeun lagu kana patokan pupuh.

Tah kiwari, dina media sosial dunya maya, eta situasi teh lir nguniang deui. Dina situasi sosial jeung politik nu beda, dina abad 21 kiwari, karya sastra anyar nu mimiti dipikaresep ku para nonoman teh nyaeta HAIKU. Tangtu bae, nu migandrungna barudak ngora jeung kalangan umum, lantaran kiwari media internet geus jadi prah jeung kakuduan di masarakat rea.

HAIKU teh sajak Jepang. Kacatet aya sababaraha ngaran nu ngotretkeun sajakna dina ieu wangun. Diantarana Matsuo Basho, (1644–1694), Onitsura (1661–1738), Yosa Buson (1716–1783), Kobayashi Issa (1763–1827), jeung rea-rea deui. Salian ti urang Jepang, HAIKU geus sumebar di mancanagara jeung ditarulis ku salian ti urang Jepang, kayaning James W. Hackett, Jorge Luis Borges, Cid Corman, Allen Ginsberg, Dag Hammarskjöld, Jack Kerouac nepi ka Octavio Paz..

Kiwari HAIKU hadir dina basa Indonesia jeung Sunda. HAIKU nu diwangun ku 17 engang teh lir aya sasaruaan jeung 17 pupuh ti Jawa tea. Itungan 17 pikeun urang Sunda mah mibanda harti nu patali jeung kasucian agama. Naha ieu hiji hal nu kabeneran bae, tapi dipikaresepna mah sarua wae.

Pola HAIKU nyaeta MA-JU-MA atawa 5-7-5, nu hartina lima engang dina padalisan kahiji, tujuh engang dina padalisan kadua, jeung lima engang dina padalisan katilu. Eta tilu padalisan teh ngawangun pada (bait). Sacara struktur, HAIKU ngan diwangun ku sapada (sabait): rengse tur tuntas. Nu ditujulkeunana nyaeta jerona maksud nu hayang ditepikeun dina nu sabait tea.
Contoh haikuna:
Makhluk sampurna
Jelas natrat na Kalam
Nyata manusa
"NO BODY'S PERFECT"
Ceuk saha éta téh nya?
Munjulan Gusti
Pada sarua
Nu miskin jeung nu beunghar
Boga kasusah
Ari nu beunghar
Mapalerkeun kasusah
Ku barana na
Ari nu miskin?
Ukur ku kasabaran
Jeung tawekalna











MIÉLING POE INDUNG SADUNYA

Disusun untuk memenuhi salah satu tugas mata kuliah kemahiran bhs. Sunda IV pen.karya sastra penerjemahan  yang dibina oleh dosen Teddi muhtadin M.Hum.

Disusun oleh :
Robby Gunawan
180210130042



PROGRAM STUDI SASTRA SUNDA
FAKULTAS ILMU BUDAYA 
UNIVERSITAS PADJADJARAN
JATINANGOR

Tidak ada komentar:

Posting Komentar