Miéling Poé Basa Indung
Sadunya
21
Februari di tetepkeun ku UNESCO (United Nations
Educational, Scientific and Cultural Organization)
jadi Poé Indung Sadunia dina kaping 17 Desesmber 1999. Poé Bahasa Indung ogé
awalna aya pangakuan internasional dina Hari
Gerakan Bahasa anu diayakeun di Bangladesh.
Unpad ogé ngayakeun hiji kagiatan
Miéling Basa Poé Indung di taun 2003, waktos taun kamari Unpad ogé ngayakeun
Miéling Poé Basa Indung di Graha Sanusi Harjadinata (GRANUS) anu ngeusi acarana
nyaéta Godi Suwarna anu macakeun sajak, aya nu mintonkeun Stand Up Comedy basa
sunda ti Mr Jun, sareng réa deui acarana.
Dina
taun ayeuna Unpad baris ngayakeun deui Miéling Poé Basa Indung dina kaping 21
Februari 2015 anu dumukna aya di Balé
Rumawat, Unpad, Jalan Dapati Ukur 35 Bandung. acara Miéling. Poé Basa
Indung anu diayakeun seueur pisan kagiatan-kagiatanna diantawisna aya maca
sajak anu asalna di jepang nyaéta Haiku, launching sareng bedah buku Miss
Maya/Neng Maya sareng peluncuran Kamus Utama Basa Sunda anu kacana aya 10.000
kaca 6 Jilid.
Sateu acan dongkap ka tempat acara
nu di ayakeun ku pidangan Rumawat mahasiswa Sastra Sunda Unpad orasi heula di
handap jembatan cikapayang bandung, mahasiswa sastra sunda unpad anu ngahiji
dina himpunan nu boga ngaran Paguyuban Mahasiswa Sastra Sunda (Pamass). Hiji tekad
nu di kokolakeun ku pupuhu Pamass kanggo orasi dina miéling basa indung teh
sangkan urang sunda ulah éra ngomong maké basa sunda komo deui ngajarkeun basa
sunda ka jalma nu lain asli di tatar sunda. Di perempatan cikapayang mahasiswa
sastra sunda unpad nyieun warga bandung pikeun nyaah kana basana sabab leungit basana leungit oge budayana. Kagiatan
orasi nu di ayakeun ku Pamass teh maca sajak, ngabagikeun brosur sareng
ngélingkeun.
Dina
taun ayeuna ogé Unpad sareng Yayasan Kebudayaan Rancagé medalkeun dummy kamus
anu eusina 150.000 kecap, 10.000 kaca, sareng 6 jilid kandelna. Dummy kamus ieu
di serahkeun langsung ku Rektor Unpad Prof. Ganjar Kurnia, Rektor Unpad anu enggal 2015-2019 Prof. Dr.med. Tri Hanggono Achmad, dr., Pupuhu
Yayasan Rancage Rachmat Taufik Hidayat, Guru Besar FISIP Unpad Prof. Dede
Mariana, Pupuhu Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS) Yayat Hendayana, sareng
perwakilan Sastrawan Sunda, H.M. Usep Romli ka bapak Wakil Gubernur Jawa Barat
Bapak.Dedi Mizwar. Katingal dina gambar dihandap:
Kamus utama basa sunda ieu téh
ngagaduhan kaca sareng jilid anu seueur kacana,
diantara kamus-kamus bahasa daérah sareng anu sanésna anu atos katingal
yén kamus ieu paling seueur kacana, tina jilidnagé aya sareung kandelna sareng 150.000 kecap anu aya
dina kamus éta.
Sanajan
ngan saukur dummy dina sambutan Rektor Unpad supaya kamus ieu téh énggal-énggal
di cetak sareng di pasihkeun ka instansi-instansi di Daérah Jawa Barat khusna
Instansi Pendidikan yén Jawa Barat ogé ngagaduhan kamus utama basa Sunda. Kamus
ieu ogé ditampi pisan ku Wakil Gubernur Jawa Barat Dedi Mizwar.
Kang
Dedi mizwar kalintang reueus pisan ninggal kagiatan anu di ayakeun ku Unpad.
Wakil gubernur anu masih keneh eksis di layar kaca atanapi di televisi anjeuna
hoyong pisan ngayakeun kegiatan a nu samodel kieu, ngan lebar wakil gubernur
teu ngaggo basa sunda pas ngadeg di payun nyarioskeun kamandangna. Nu dongkap
dina ieu acara sanes saukur mahasiswa hungkul nanging seueur pisan seniman
sareng budayawan sunda ngumpul ilubiung dina ieu acara katinggalna para seniman
sareng budayawan sunda teh kalintang reueus oge tiasa ilubiung di balé rumawat
teh.
Acara
salajengna ku “Diskusi Buku “’Neng Maya’sareng‘Miss Maya’, Carpon Munggaran nu
ditarjamahkeun kana Basa Inggris” ku pemateri Prof. C. W. Watson (nyaéta
penerjemah carpon “Neng Maya” kana Bahasa Inggris), Cecep Burdansyah (Redaktur
Harian Umum Tribun Jabar), sareng Dr. Hj. Lia Maulia Indrayani, M.Hum.,
(DosenFIB Unpad), anu dimoderatoran ku Tedi Muhtadin, M.Hum.
Prof
Watson ngajelaskeun kasang tukang ngeunaan prosés nerjemahkeuna kana bahasa
Inggris anu dimuat di Harian Umum Tribun Jabar. Prof Watson ogé ngamandangkeun
yén carpon di Indonesia téh teu ngagambarkeun kaayaan anu di Indonesia jadi.
Teu
reueus kumaha ninggal prof watson anu sanes getih sunda tiasa hoyong pisan
neuleman kana budaya nusantara, komo deui kana budaya sunda saurna mah ceunah
langkung leuwih hese diajar basa sunda tibatan basa indonesia, ngabutuhkeun
waktu nu teu sakeudeng sabab basa sunda teh saur anjeuna hese pisan ngabedakeun
cara ngomong ka sahandapeun, saluhureun, sareng sapantareun.
Saatos
rengsé acara bedah buku Neng maya
langsung di lanjut ku acara “HAIKU” pupuh jepang anu di anggo kusadaya umat
manusa. Haiku nyaeta jenis pupuh jepang anu ayeuna keur marak di kalangan para
seniman sareng budayawan sunda khususna, anu nuju naek daun sabab haiku teh
salah sahiji pupuh nu kudu ngandung harti sareng diksi anu pas.
Abad ka-17 sastra Sunda patarema
jeung sastra Jawa: pupuh. Eta karya sastra sampeuran teh dipigandrung ku urang
Sunda, utamana ku kalangan menak lantaran patali jeung kabujanggaan nu daek teu
daek kudu diajar pupuh jeung madhab sastra ge ngeunteung ka Jawa. Teu aneh
lantaran Sunda harita aya dina subordinasi Mataram.
Salian ti sisi politis, pupuh ge dipigandrung patali jeung teknis ditulisna, nu ngandelkeun guru lagu jeung guru wilangan. Nu nulis pupuh jadi dangding jadi guguritan siga nu nimu kaulinan anyar ku cara ngitung-ngitung ramo jeung nyaluyukeun lagu kana patokan pupuh.
Tah kiwari, dina media sosial dunya maya, eta situasi teh lir nguniang deui. Dina situasi sosial jeung politik nu beda, dina abad 21 kiwari, karya sastra anyar nu mimiti dipikaresep ku para nonoman teh nyaeta HAIKU. Tangtu bae, nu migandrungna barudak ngora jeung kalangan umum, lantaran kiwari media internet geus jadi prah jeung kakuduan di masarakat rea.
HAIKU teh sajak Jepang. Kacatet aya sababaraha ngaran nu ngotretkeun sajakna dina ieu wangun. Diantarana Matsuo Basho, (1644–1694), Onitsura (1661–1738), Yosa Buson (1716–1783), Kobayashi Issa (1763–1827), jeung rea-rea deui. Salian ti urang Jepang, HAIKU geus sumebar di mancanagara jeung ditarulis ku salian ti urang Jepang, kayaning James W. Hackett, Jorge Luis Borges, Cid Corman, Allen Ginsberg, Dag Hammarskjöld, Jack Kerouac nepi ka Octavio Paz..
Kiwari HAIKU hadir dina basa Indonesia jeung Sunda. HAIKU nu diwangun ku 17 engang teh lir aya sasaruaan jeung 17 pupuh ti Jawa tea. Itungan 17 pikeun urang Sunda mah mibanda harti nu patali jeung kasucian agama. Naha ieu hiji hal nu kabeneran bae, tapi dipikaresepna mah sarua wae.
Pola HAIKU nyaeta MA-JU-MA atawa 5-7-5, nu hartina lima engang dina padalisan kahiji, tujuh engang dina padalisan kadua, jeung lima engang dina padalisan katilu. Eta tilu padalisan teh ngawangun pada (bait). Sacara struktur, HAIKU ngan diwangun ku sapada (sabait): rengse tur tuntas. Nu ditujulkeunana nyaeta jerona maksud nu hayang ditepikeun dina nu sabait tea.

Contoh
haikuna:
Makhluk sampurnaJelas natrat na Kalam
Nyata manusa
"NO BODY'S PERFECT"
Ceuk saha éta téh nya?
Munjulan Gusti
Pada sarua
Nu miskin jeung nu beunghar
Boga kasusah
Ari nu beunghar
Mapalerkeun kasusah
Ku barana na
Ari nu miskin?
Ukur ku kasabaran
Jeung tawekalna
MIÉLING POE INDUNG SADUNYA
Disusun
untuk memenuhi salah satu tugas mata kuliah kemahiran bhs. Sunda IV pen.karya
sastra penerjemahan yang dibina oleh
dosen Teddi muhtadin M.Hum.
Disusun oleh :
Robby Gunawan
180210130042
PROGRAM STUDI SASTRA
SUNDA
FAKULTAS ILMU
BUDAYA
UNIVERSITAS PADJADJARAN
JATINANGOR