MONOLOG AWÉWÉ
SULAYA
Ku Ayi G. Sasmita
BADA ASAR, SISI
JAAN SATAPAK, TANGKAL HANJUANG RADA BADAG, HANDAPEUNANA AYA BALÉ LEUTIK TINA
AWI, NU BIASA DIPAKÉ REUREUH JALMA NU NGALIWAT.
SAURANG BUDAK AWÉWÉ
NGAGOLÉR DIBAJU SARAGAM SAKOLA SMA, KANTONG SAKOLA NINDIHAN SUKUNA.
ANGIN NGAHILIWIR
NGARAGRAKEUN DAUN GARING LEBAH TARANGNA,
BUDAK AWÉWÉ NGULISIK HUDANG, TULUY DIUK DINA BALÉ AWI, PAROMANNA BALUAS JIGA NU
NYIDEM RASA SIEUN JEUNG HÉRAN.
NITÉNAN ÉTA
TEMPAT, LAJU NANGTUNG LEUMPANG LALAUNAN NGURILINGAN ÉTA TEMPAT BARI NGARÉRÉTAN
KA SABUDEUREUN.
Geus méh saminggu
kuring ninggalkeun imah. Ninggalkeun Indung jeung bapa. Ninggalkeun sakola. Ninggalkeun
kahirupan anu nyata.
Indit nuturkeun
manéhna nu kiwari miang duka ka mana. Manéhna ngan ukur ninggalkeun rurujit
dina diri..
Masih karasa kénéh
kanyaah nu jadi indung jeung bapa. Masih kadéngé kénéh sora indung ngupahan
upama kuring keur sedih nyanghareupan PR sakola nu teu bisa diungkulan ku
kuring. Kadéngé kénéh sora bapa méré papatah-papatah ngeunaan kahirupan.
Kanyaah maranéhanana
duaan taya babandinganana. Ceuk rarasaan mah hamo bisa digantian ku naon baé ogé. Indung tunggulna rahayu, bapa tangkalna
darajat… (RUMAHUH.) Hemmmm…
NGARÉRÉT KA
BEULAH KULON. ÉBRÉH KATINGALI LAYUNG KONÉNG LIR BENANG-BENANG EMAS, NGAGURAT
ANTAY ANTAYAN DI LANGIT MAWA LAMUNAN.
MANÉHNA IMUT,
LEUMPANG LALAUNAN. LEUNGEUNNA RANGGAH JIGA NU HAYANG NGAHONTAL LAYUNG.
Layung… aya ku éndah
anjeun mapaés langit. Kuring hayang jadi anjeun, lantaran anjeun mah tara
sulaya kana jangji. Ceuk ema baheula unggal wanci sareupna, pasti anjeun datang
ngabagéakeun peuting. Mapagkeun bulan jeung béntang.
NANGTUNG BARI
NYAWANG KAJAUHNA
Sareupna.. enya
sareupna. Wanci kieu pisan, kurang diuk dina balé handapeun tangkal hanjuang
gigireun imah. Diuk dina lahunan ema ngadagoan layung bari ngahariring.
(NGAHALEUANG)
Layung Konéng
datang deui
Mawa sono nu
kamari
Mapagkeun bulan
jeung béntang
Dina simpay
kamelang
Layung konéng
aya ku éndah
Mapaés lawang
peuting
Teuneung taya
karingrang
Najan digaléntor
mongkléng
Layung konéng
saliwatan miang deui
Nyantélkeun
jangji pasini moal jalir
Poé isuk pasti
mulang deui
Mawa harepan sakur
kahayang
NGARUMPUYUK TAYA
TANGAN PANGAWASA. PANONNA MIMITI RAMBISAK, NYARITANA DAREUDA.
Éndahna layung jeung
halimpuna sora si ema, matak tingtrim kana haté. Kalan-kalan sok nepi ka saré
dina lahunan. Upama layung geus miang, kuring ceurik hayang layung sina balik
deui. Ema nu ngabeberah. Cenah, “Nyai geulis bageur.. tong salempang. Isukan ogé
layung bakal datang deui. Sing percaya ka ema. Layung mah tara jalir kana
jangjina…” Enya layung mah tara jalir jangji. Da jeung enyana, poé isukna manéhna
datang deui bari mawa rasa kasono kuring poé kamari. Hmmm..
MURELENG
Heh… naha bet
nyeungseurikeun? Naonna nu pikaseurieun? Saha nu gélo? Manéh nganggap aing gélo?
Hmhh, kitu tah loba teuing lalajo sinetron manéh mah. Korban acara tipi nu teu
uni! Heueuh aing ogé nyaho teu sakabéh acara tipi atawa sinetron goréng. Aya ogé
nu alus, ngan lolobana mah acara tipi jaman kiwari mah teu baralég! Loba teuing
acara acara Slapsic. Nu cilaka dipupuas, nu sangsara diseungseurikeun! Lalajoaneun
teu mararatut. Heueuh ngarti kuring ogé, teu sakabehna salah maranéh! Itu tuh
nu kudu dipénta tanggungjawabna mah, nu boga tipi jeung nu boga kawasa. Ulah kéna
kena demi kapentingan bisnis, usaha, nepi ka tega ngorbankeun moral umat!
Masarakat!!
Meunggeus ah barina
ogé nanaonan ngabahas nu kitu. Najan nepi ka huntu muruluk ogé moal aya hasilna.
Da nu kawasa mah maranéhanana, urang mah bisa naon atuh?
DIUK NGALUNGSAR.
NGAHULENG SAKEDAPAN. TEU SAWATARA LILA MANÉHNA NYARITA DEUI.
Meungeus atuh
ulah ngadoja baé. Kuring téh keur bingung, bingung ka mana kudu lumampah. Rék
mulang ka lembur, éra jeung sieun inggis nu jadi kolot teu narima. Enya kuring
nu salah, kuring nu geus nyieun kasalahan gedé. Padahal kurang kumaha, remen pisan
diingetan ku nu jadi kolot, jeung babaturan sorangan.
Ayeuna kakarak
karasa. Coba mun harita teu ngagugu nafsu mah, meureun moal kajadian kawas kieu.
Kuring bener-bener kabobodo ténjo haripeut ku kanyaah nu ngan ukur pupulasan. Sugan
téh enya wé bener manéhna nyaah ka kuring. Tétéla sakabéhna ngan ukur kedok
pikeun ngarah kahormatan kuring wungkul. Sanggeus kahayangna kacumponan mah, manéhna
ninggalkeun.
NGANGRES
Ayeuna kuring nu
kudu nanggung sakabéhna…
LEUMPANG
LALAUNAN KA LEBAH BALÉ. GÉK DIUK SATENGAH NGABEUBEUTKEUN MANÉH.
Cinta..?!! Enya
ieu balukar tina salah ngahartikeun kecap ‘cinta’. Saéstuna ari cinta lain ngan
saukur pasualan bukti. Anu satuluyna daék masrahkeun kahormatan lantaran hayang
ngabuktikeun ayana rasa cinta. Padahal cinta nu saenyana kudu bisa silih ajénan
kana kahormatan sewang-sewangan. Cinta lain ngan saukur pasoalan pangorbanan
anu satuluyna daék ngorbankeun masa depan jeung cita-cita, lumpat tina kanyaah
kolot. Wani nyieun hubungan tanpa rido ti nu jadi kolot. Padahal cinta nu abadi
cinta nu aya dina ridho indung jeung bapa.
Cinta nu sajati,
cinta nu bisa silih ajénan, silih jaga, silih mikanyaah tanpa aya rasa ménta
pamulang tarima. Jiga kanyaah indung jeung bapa. Emaaa! Bapaaaa! Hampura
kuring, anjeun pasti kuciwa sabab kuring teubisa jadi budak nu diharepkeun ku
anjeun.
NYEGRUK CEURIK
BARI SASAMBAT KA INDUNG JEUNG BAPA.
Manéhna datang,
bari mawa cinta nu karasa éndah. Karasa pisan kanyaahna malah karasa ku
kuringmah asa ngéléhkeun kanyaah indung jeung bapa. Sabulan kaliwatan. Taya nu
anéh dina hubungan kuring jeung manéhna. Sagala kaéndahan cinta kaalaman taya
nu kaliwat.
Harita mah,
sagalana karasa bener wé. Remen ngabohongan kolot. Ngakuna sakola padahal ulin
bobogohan jeung manéhna. Ménta duit keur jalan-jalan jeung manéhna, ngakuna
keur iuran sakola. Malah sakapeung mah remen indit peuting tara bébéja ka kolot.
Asa bener wé harita mah.
Dasar enya,
sabuni-bunina nyumputkeun bugang, pasti kapanggih baé. Peuting harita kira-kira
wanci jam salapan peuting, kuring kaluar ti imah janjian jeung manéhna rek indit
ka pasar malem. Kuring luncat tina jandéla kamar. Lantaran rusuh kuring poho
nutupkeun deui jandéla.
Kuring indit
diboncéngkeun kana motor ku manéhna. Kuring teu boga rasa curiga saeutik-eutik
acan, basa harita manéhna méngkolkeun arah ka imah kost manéhna. Naha bet méngkol
ka dieu geuning? Manéhna ngajawab cenah aya nu tinggaleun di imah kostna. Kuring
nurut wé da teu boga curiga nanaon. Turun tina motor kuring dipaksa asup ka
jero kamar kost manéhna. Kuring nolak, da boga rasa kasieun mah, inggis aya nu
ningalieun. Bisi jadi fitnah. Tapi percaya kana kaasih manéhna kuring nurut
asup ka jero kamar.
Barang sup ka
jero, kakarék kuring boga rasa curiga, lantaran manéhna ngoncikeun panto kamar
ti jero. Naha bet dikoncikeun pantona? Ceuk kuring bari ngarawel konci nu
diasupkeun kana saku calanana. Nyalsé heula di dieu gampang ka pasar malem mah,
soré kénéh ieuh cenah bari nangkeup kuring ti tukang. Kuring ngépéskeun
leungeunna. Di dinya kuring mimiti curiga manéhna boga niat teu hadé. Kuring
nerejel satékah polah hayang ngaleupaskeun tina tangkeupanana? Tapi tanaga manéhna
leuwih bedas ti tanaga kuring. Ahirna kuring cicing. Mimiti kadéngé manéhna
ngaharéwos… Nyaan anjeun nyaah ka kuring? Kuring unggeuk. Nyaan anjeun cinta ka
kuring? Kuring unggeuk. Naon buktina? Kuring ngabetem teu bisa ngajawab. Manéhna
nanya deui, naha bet cicing? Mun enya anjeun nyaah, anjeun cinta, sok buktikeun
peuting ieu. Sangkan kuring yakin yén anjeun enya-enya cinta jeung nyaah ka
kuring.
Kuring baluweng,
antara sieun jeung bingung pagalo dina dada. Manéhna ngaleupaskeun
tangkeupanana. Laju nungtun kuring didiukeun dina korsi. Manéhna mimiti muka
kancing baju kuring hiji-hiji. Kuring pasrah teu bisa kukumaha, lantaran gedéna
rasa cinta ka manéhna. Kuring hayang ngabuktikeun. Kuring masrahkeun kahormatan
ka manéhna.
NGANGRES, LEUNGEUNNA
TIPEPEREKET PAGEUH NGENYAK BAJUNA.
Peuting harita,
jadi saksi kuring masrahkeun harta nu pangberhargana ka manéhna lantaran hayang
ngabuktikeun yén cinta kuring lain heuheureuyan. Tapi, tapi sagala pangorbanan
kuring taya hartina.
NYARITA TEU KEBAT, CEURIK NYEGRUK BARI NYUUH DINA
BALÉ AWI.
KAAYAAN JADI SIMPÉ. TEU SAWATARA LILA MANÉHNA
CENGKAT NEUTEUP KA JAUHNA BARI NYARITA RADA DAREUDA.
Manéhna
nganteurkeun kuring balik. Sapanjang jalan taya kecap nu kaluar ti manéhna. Barang
nepi ka hareupeun imah, manéhna ngupahan. Tong salempang, kuring bakal tanggung
jawab. Nu penting ayeuna kuring yakin jeung percaya anjeun bener-bener cinta ka
kuring. Kituna téh bari rék indit ninggalkeun kuring. Tapi, léngkahna kapegat
ku sora si Bapa jeung si Ema norojol ti jero imah. Kuring jeung manéhna digusur
asup ka jero. Tétéla geuning si Bapa jeung si ema nyahoeun naon nu geus
kajadian peuting harita. Kuring jeung manéhna dicarékan laklak dasar. Malah
lanceuk kuring nu hudang kagareuwahkeun ku sora si Bapa, tuluy neunggeulan manéhna
nepi ka baloboran getih. Untung kaburu dihalangan ku kuring jeung si ema anu
milu nyegruk ceurik.
Peuting éta kénéh,
kuring diusir ti imah, lantaran kuring geus dianggap nyieun aib keur kulawarga.
Kuring indit nuturkeun manéhna bari mawa rasa kaduhung jeung salah lantaran
geus nganyerikeun haté kolot jeung kulawarga. Tapi gedéna harepan jeung rasa
cinta ka manéhna saeutik gedéna geus bisa ngabeberah haté nu ancur. Harita taya
deui nu jadi harepan kuring iwal manéhna nu dipiharep bisa nangtayungan hirup
kuring ka hareupna.
NGARANDEG, NGARÉNGHAP
NAHAN AMARAHNA.
Tapi, tétéla
kuring salah! Méh saminggu kuring cicing di imah kost manéhna. Tapi kuring asa
dianggap tunggul, teu ditalék teu ditakon. Manéhna apilain. Dina hiji peuting
kuring ngawani-wanikeun manéh nalék ka manéhna, tapi naon jawabanana? Manéhna
sulaya kana jangjina! Manéhna megatkeun hubungan jeung kuring! Kuring diusir! (NYEGRUK
CEURIK)
AMBEK NYEDEK
TANAGA MIDEK. NEUTEUP JAUH KA HAREUP. DUA DAAMPAL LEUNGEUNNA TIPEPEREKET.
Dasar lalaki laknat!
Lalaki iblis! Pengecutttt!!! Sanggeus aing ngorbankeun sagalana, ngorbankeun
masa depan, ngorbankeun kulawarga, ngorbankeun sakola, aing dicacampah! Dihinakeun
taya ras-rasan. Dasar kadal! Pamulu palsu. Cintana ukur pupulasan. Ukur kedok!
MURELENG BARI
TUTUNJUK.
Heh, lalaki! Sakuduna
manéh mikanyaah ka awéwé. Ngajénan ka awéwé lantaran indung manéh ogé awéwé. Naha
manéh téga? Naon nu karandapan ku aing isuk atawa pagéto karandapan ku lanceuk
awéwé manéh, ku adi awéwé manéh! Hahh?!
NYARITA LEULEUY
Awéwé mah mahluk
lemah nu kudu diaping dijaring ku lalaki. Kudu dipikanyaah ku lalaki lantaran
awéwé teh bagian tina diri lalaki. Diciptakeun tina tulang iga lalaki nu beulah
kénca, nu deukeut jeung hate. Nyanghareupan awéwé kudu maké haté ulah maké
napsu.
Lalaki kudu bisa
ngajaga kahormatan awéwé, lantaran indung manéh ogé awéwé!
Awéwé ogé kudu
bisa ngajaga diri. Ngajaga kahormatan. Ulah gampang kairut ku rayuan-rayuan
lalaki nu maké kedok cinta.
Sing inget awéwé!
Isukan atawa jaga, manéh bakal jadi indung. Naha manéh téga mun jaga anak manéh
bakal nanggung sagala kasalahan alatan kalakuan kolotna?
NGAHULENG
SAKEUDEUNG.
Cinta? Kuring
moal nyalahkeun cinta, lantaran cinta mah teu salah. Cinta mah anugrah lain
dosa. Cinta teu bisa dijadikeun alesan. Nu jelas, ku napsu nu dibungkus amisna
cinta geus ngarampas kahirupan kuring.
NGANGRES.
Enya, kuring mémang
salah. Kuring kaduhung. Tapi lain hartina kuring kudu éléh ku kaayaan. Keun baé
sagala kasalahan kuring kamari sing jadi eunteung, sangkan kasalahan teu kapilampah
deui!
NGAHULENG
SAKEUDEUNG.
Kuring teu meunang
katutuluyan nyeungceurikan ieu kaayaan. Lantaran sakabéh nu geus kajadian hamo
bisa dibalikan deui. Kuring kudu kuat. Kuring moal éléh. Kuring moal mikeun ieu
diri dikawasa ku rasa kaduhung!
Taya gunana
kuring terus-terusan kawas kieu. Kaduhung moal bisa malikeun deui kaayaan. Satékah
polah memener kasalahan leuwih hadé sangkan kuring bisa ngahadéan sagala
kalakuan nu geus kaliwat.
Ayeuna, peuting
ieu pisan kuring kudu nyieun putusan. Enya kuring kudu nyieun kaputusan. Duh
Gusti! Mugi ieu putusan sing diridoan ku Anjeun, Gusti!
MEURUMKEUN PANONNA.
NGARÉNGHAP BARI TANGGAH, NGATUR NAPASNA.
LAJU NYARITA TEUNEUNG.
Kuring rék
mulang ka lembur. Mulang ka kulawarga. Ka sakola. Kuring bakal ngamimitian deui
hirup anyar. Kuring teu paduli naon baé omongan tatangga ngeunaan ieu kaayaan.
Nu penting hampura ti indung jeung bapa nu kudu katarima, sangkan ieu dosa teu
manjang nepi ka jaga kabawa ka alam lana.
Siap teu siap
kuring kudu siap narima sagala kanyataan nu baris karandapan. Sugan jeung sugan
ieu jadi jalan pikeun kuring nobatan dosa-dosa nu geus dipilampah.
CENGKAT,
MÉRÉSAN BAJU JEUNG BUUKNA. LAJU NYORÉN KANTONG. NANGTUNG AJEG BARI TANGGAH
MEUREUMKEUN PANONNA. NGARÉNGHAP LAJU NGALÉNGKAH TEUNEUNG TAYA KARINGRANG,
NINGGALKEUN ÉTA TEMPAT.
Basisir
Laut Kaler, Maret 2016