WORKSHOP
BAHASA JEUNG SASTERA DAERAH
Kaping 18 maret 2015 kuring sareng réngréngan Pamass
miang ka kota hujan nyaéta kota bogor jang jadi wawakil (delegasi) dina acara
nu di kokolakeun ku Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Jawa Barat, wanci isuk-isuk
kuring cicing di gedung dekanat fakultas ilmu budaya unpad da janjian, didinya
saurna bade angkat bareng sareng kang
Taufik ampera, indit ti jatinangor kira-kira jam 08:00 nepi ka kota bogor jam
12:00. Di jalan kuring ngawangkong weh sareng pupuhu ais pangampih ngawangkong
ngaler ngidul nepi ka antukna kuring peureum tiheula tah dina mobil teh kusabab
tunduh pisan, geus nepi di bogor kuring di bawa ka tempat pembukaan ieu
workshop, rarasaan ti imah pasti urang ngendongna di hotél anu agréng di jatinangor
kuring teu mawa nanaon ngan saukur baju, jaket, jeung sikat gigi. Bubuka acara
di buka ku wawakil disparbud jawa barat, workshop nu di ayakeun ku prov.jawa
barat mun di tinggali ku kuring katingalina can siap pisan.
Wanci kalangkang satatangtung kuring jeung
réngréngan nu séjén di bawa asup kana beus nu geus di sewa ku panata calagara
rasa bungah kacida bisa ngiluan ieu workshop, sajajalan kuring ninggalian
kaayaan kota bogor nu kacida tentremna tapi angger wéh hareudang kabina-bina,
kuring nepi di desa sindang barang, wah implengan anu harita sugan téh deuk ka
hotél nu ngeunah apék téh kuring di bawa ka kampung adat nu aya keneh di
sindang barang. Nepi di patempatan kuring jeung nu laina di sambut ku angklung
indung wah kesenian nu geus lila bahkan kuring kerek nyaksian sorangan aya
keneh di desa ieu mah, leuit aya wah pokona kampung adat nu luar biasa leuwih
resep cicing di kampung adat batan kudu d hotel mah.Nepi di patempatan kuring
jeung nu sejenna di titah cicing heula ngumpul di pendopo, kuring dibere nyaho
padumukan jang ngendong.
Wanci harieum beungeut sakabeh pamilon dina acara
workshop di kumpulkeun di pendopo sabari ngawanohkeun sadaya pemateri,
pematerina aya Taufik ampera, Etti Rs, Dian Hendrayana, hawe setiawan, Cecep
burdiansyah, iman shaleh sinareng mimin. Tos pada-pada wanoh langsung ka acara
pembukaan deui sareng sesepuh kampung adat pasir eurih nu aya di sindang
barang. Kalintang reueus pisan pokona mah, komo deui acara saatos pembukaan
langsung di pilih abah sareng ambu kanggo janten pupuhu piara basa,
alhamdulilah kuring kapilih janten abah. Ngurus jalma 55 anu beda watek jeung
asal imahna.
Poe kadua kuring di ajak ngulilingan situs anu aya
di daerah sindang barang seueur situs jaman baheula anu kurang di jaga ku
masyarakat daerah dinya kacida pisan jiga anu teu kaurus pokona mah, saeunggeus
nguliling kuring jeung rengrengan langsung di bere materi ngeunaan cara nyieun
essey, cara nyieun carpon, cara nyieun dongeng, cara musikalisasi sajak, nyieun
sajak, jadi presenter, jeung teater. Sapoe jeput ti isuk jeder nepi ka peuting
jedur kuring jeung rengrengan di jejelan ku elmu pangaweruh anu kacida
pentingna maranehna anu ngeusi materi mihareup gede kanu ngiluan ieu workshop
jang nyebarkeun elmu nu geus meunang di ajarkeun sahariteun pisan. Kalintang
reueus jeung bungah bisa ngiluan ieu workshop nu moal di ajarkeun di kuliahan
pangpangna langsung ku para ahlina.
Poe katilu nyaeta poe pamungkas kuring cicing di eta
kampung adat sagala hal anu geus di bikeun ku para pemateri teh langsung di
praktekeun sakalian pamitan ka warga masyarakat sindang barang kucara
magelarkeun hasil workshop nu geus di ajarkeun ku para ahlina. Geus kabeh di
pentaskeun terus weh perpisahan wah pokona pangalaman kuring ngiluan workshop
moal anggeus ku sapoe dua poe mun di caritakeun mah.